Thursday, October 26, 2017

Biantara Paturay Tineung SD Negeri Margamulya



                                 BIANTARA PATURAY TINEUNG TI WAWAKIL KELAS VI

Assalamu’alaikum warohmatulohi wabarokaatuh
         
Puji sinareng sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Gusti nu Maha Suci.Ku lungsurn rahmat sareng kurnia Anjeuna,dina dinten ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jongok dina acara paturay Tineung SDN Cintajaya.
            Langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan sakelas anu parantos maparin kapercantenan ka sim kuring kanggo ngadugikeun kereteg ati minangka wawakil ti kelas VI.
teu hilap deuih,sim kuring oge ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos maparin kasempetan ka simkuringkanggo sasanggem dina ieu acara.
              Parahadirin hormateun sim kuring
              Mungguh ari waktos teu karaos nyereleknateh.Asa kamari sim kuring saparakanca lebet janten murid ieu sakola.Ayeuna tos kedah ngantunkeun deui ieu sakola.Padahal genep tahun tehsanes waktos nu sakedap,Genep taun sasarengan ,diaping sareng dijaring ku Bapak miwah Ibu Guru di dieu.Genep tahun sim kuring saparakancadipaparin rupi-rupi elmu sareng kaparigelan,pibekeleun sim kuring saparakancakanggo neraskeun sakola ka tingkat anu langkung luhur.
            Kiwari cunduk kana waktu,ninggang kana mangsa urang kedah papisah.Aya kabingah sareng ka sedih gumulung jadi hiji.Bingahna,sim kuring saparakanca tos tiasa lulus diajar di ieu sakola.Ari sedihna ,sim kuring saparakanca kedah  neraskeun deui ka sakola nu langkung luhur Kumargi kitu ,neda pidua’na kasadayana supados sim kuring saparakanca tiasa ngahontal cita-cita sareng tiasa babakti ka lemah cai,sareng agama.
            Rumaos,salami sim kuring saparakanca sakola didieu,seueur pisan kalelepatan .malih sering matak repot sareng jengkel Ibu miwah Bapak Guru sadayana.
            Teu hilap ka adi-adi kelas,hapunten akang sareng teteh,upami salami urang sasarengan Akang sareng Teteh seueur kalepatan,boh anu karaos boh anu teu karaos,Tangtos, akang sareng teteh oge ngahapunten kana kalelepatan adi-adi sadayana.Duakeun Akang sareng Teteh ,supados lungsur –langsar dina diajar di sakola anu langkung luhur.Kitu deui akang  sareng teteh ngadua’keun
sangkan adi-adi tiasa langkung sae sareng pinter ti akang sareng Teteh.
Parahadirin hormateun sim kuring
            Seueur Paninengan endah salami sim kuring saparakanca nyuprih elmu di ieu sakola.Paninengan baris tetep ngantengkeun rasa sareng hate sim kuring saparakanca,sanaos urang tos paanggang.
            Rupina,sakitu nu kapisanggem sim kuring, minangka wawakil ti kelas VI.Hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah matak rahet kana manah.
            Akhirul kalam,wabilahi taufik wal hidayah.Wasalamu’alaikum warohmatulohi wabarokatu.


No comments:

Ringkasan Materi Gaya dan Gerak Klelas 4 Semester 2 SD Negeri Margamulya

RINGKASAN MATERI GAYA DAN GERAK BENDA MAPEL IPA KELAS IV SEMESTER 2 ·          Gaya adalah tarikan atau dorongan yang dapat mempe...